Pangandaran & Batu Karas Adventure

Crim0041

“Bewara Kagiatan Ngalalana”

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Seja bade ngabewarakeun ka sadayana yen Insya Alloh bade ngayakeun acara Ngalalana Ka Pangandaran & Batu Karas.

GAMBARAN KAGIATAN

Kagiatan ieu intina mah dina raraga silih wanohkeun silih asah, asih, asuh diantawis baraya anu sok pirajeunan kukulamprengan di jagat maya. Sareng ngabrungbrangkeun rieutna mastaka alatan seueurna sareng pahibutna padamelan di kantor sewang-sewangan. Tah tina kagiatan ieu akhirna mah nya tali duduluran tiasa manjang sapanjang-panjangna, nya boh nu bade bisnis, milari padamelan (pami aya, he…he…), milari jodo, milari mantu, sareng anu sanesna.

Peryogi kauningan kusadayana, yen dina kagiatan ieu estuning mayunkeun sikep kamandirian urang. Hartosna, dina kagiatan ieu teu dipasihan fasilitas dugi ka transport, penginapan (di pangandaran wungkul aya), tuangeun. Estuning sadayana teh ku urang ti urang, sareng kanggo urang, saur basa legeg nah meureun swababarengan (ner teu nya?). Terutami di Batu Karas urang teh ngekamp, masak nyalira atanapi meser nyalira. 

Kahoyong mah tina perjalanan ieu urang tiasa ngadamel samodel dokumentasi boh dina bentuk tulisan atanapi photo kalayan lengkep. Teras hasilna urang lebetkeun kana web http://www.urang-sunda.or.id supados sing saha wae sareng timana wae tiasa muka sareng terang kumaha kaayaan objek wisata anu aya di tatar sunda khususna Pangandaran. Pan hawatos pisan, kapungkur mah Pangandaran teh salasawios objek anu diminati pisan ku para turis, na ari ayeuna sepi. Sareng informasi ngeunaan objek wisata di internet teh mani langki pisan.

ANAPON LOKASI ANU BADE DITUJU

1.      Pangandaran (Cagar Alam, Cagar Alam Laut, Goa-goa jsb)

2.      Batu Karas (maen salancar, sunset-sunrise, jsb)

WAKTOS ACARANA

Dinten Kemis – Saptu, Ping 17 – 19 Agustus 2006

RENCANA JADWAL KAGIATAN

Acara kagiatan ieu kirang langkung umumna sapertos kieu.

Kemis, 17 Agustus 2006

08.00 – 09.00                            : Kempel di Term. Kp. Rambutan

09.00 – 17.00                            : Perjalanan ka Batu Karas

17.00 – 19.00                            : Istirahat + Ngekamp+ Makan+Sholat

19.00 – 22.00                            : Acara Malam + Games

22.00 – 05.00                            : Memeres bulu soca

Jum’at, 18 Agustus 2006         

05.00 – 11.00                            : “Kumaha Dinya”

11.00 – 13.00                            : Sholat Jum’at (Kanggo Pameget)

13.00 – 14.00                            : Beberes nu teu beres

14.00 – 16.00                            : Angkat ka Pangandaran

16.00 – 22.00                            : Kumaha Dinya, Ulin, Beubeuleuman Lauk

22.00 – 05.00                            : Memeres bulu soca

Saptu, 19 Agustus 2006

05.00 – 07.30                            : Kumaha Dinya

07.30 – 17.00                            : Ngaprak Cagar Alam (Laut + Leuweung), guha2, dll.

17.00 – 19.00                            : Ngaso deui

19.00 -                                      : Balik ka Imah

PERLENGKAPAN ANU KEDAH DICANDAK / DISAYOGIKEUN

1.      Peralatan masak + makan.

2.      Parafin per orang na 2 bungkus.

3.      Tenda / Dome.

4.      Bade nyandak gitar sareng sajabana oge mangga.

FORMULIR PENDAFTARANANA

Nami Lengkep                           :

Alamat                                      :

No HP/Tlp.                                :

E-mail                                       :

YM ID                                        :

Jumlah anu bade ngiring            :

Ngiring Angkat                          :

Jakarta

/

Bandung

/ Tepang di Pangandaran *)

*) Coret anu teu peryogi

Formulir ieu mugi dikintunkeun ka email : inawan@gmail.com japri wae.

PENDAFTARAN

Biaya pendaftaran          : Rp. 45.000/jalmi

Pendaftaran + konfirmasi di tutup dugi ka ping 9 Agustus 2006.

Transferkeun ka Saderek Amin Mutamin  No. Rek. 0014369631 Bank BNI Dukuh Bawah

Jakarta

FASILITAS ANU DISAYOGIKEUN

Kaos, penginapan di Pangandaran          

TIM FASILITATOR / EO

Koordinator                               : Ki Runa Inawan

Bendahara /Paleuitan                 : Kang Amin Mutamin

Tukang Jepret                           : Kang Dudi Herlianto

Tukang Nyusun Acara                 : Kang Yugi Budiana Malik

Tukang Kaditu-kadieu                : Kang Irpan Rispandi

Contact Person :

Runa Inawan – 0818109410 YM: runainawan / runa_inawan

Kan

g Amin – YM: ojimasid

Kan

g Irpan  irpanr@gmail.com

Info salajengna sumangga

kan

ggo dibuka di :

  1. http://inawan.multiply.com

  2. http://inawan.blogs.friendster.com

Wassalam,

Runa Inawan

3 Responses to “Pangandaran & Batu Karas Adventure”

  1. Reka bohay Says:

    sok ngahajakeun euy… ngabibita wae, apanan abdi oge hoyong ngiring atuh… jadwalna lain pas abdi mulih euy. heuheuheu… ngantosan caritana weh kang runa…

  2. amien Says:

    Aduh…hanjakal….acara ieu teh teu tineukanan…kusabab aya bencana tsunami tea…

    mudah2an sanes waktos tiasa tineukanannya

    amiin

  3. umi Says:

    wah, padahal mi hoyong ngiringan ameng-ameng ka pangandaran…

Leave a Reply